Hom Pim Pa

13.33

"Kaguyuran madu "
Ceuk batur mah, kuring kaguyuran madu. Amisna asli. Teu jiga batur, unggal usik ngan nyaliksik, kokoreh unggal poe ngarah bisa hirup ayeuna jeung isuk. Da enya, ti saprak kawin jeung manehna, can pernah ngalaman kasusah, hirup tentrem, kadaharan teu kurang, pangabutuh teu jadi pangaruh. Hirup sahayuna, nu kira-kira ka dagdag-kaduga dilakonana, nu kira-kira beurat disinglaran. Da teu karasa, ngarumah tangga teh sadar-sadar geus nepi taun kaopat.

Nya jigana Alloh nu ngersakeun, kuring kawin jeung manehna teh, jiga kabeh ge euweuh nu nyangka. Kuring pira ge tamatan esde, ari pamajikan sarjana filsafat. Eta teh mun ditilik tina pendidikan. Ayeuna mun dirampa tina waruga, beungeut kuring basajan, malah kuring mah pan dilandi 'boncel' ku babaturan teh, da pendek. Ari pamajikan pan jangkung, suku ngajantung cau, da eta sapopoe make sapatu pantopel, da mun diperhatkeun mah, pamajikan teh mun keur leumpang jiga jengke, rarayna ge cahayaan, kukulitna nu ngeplak bodas.

Geus kitu, soal pagawean, kabeh ge arapal yen kuring euweuh pagawean nu netep. Ngojeg ge kadang kadang, kuma purunna. Lolobana luntang lantung weh, sasakali mun boga duit paling nguseup jeung si Aan Polet. Sedeng pamajikan ?

Manehna gawe kantoran, gajihna puluhan juta, malah can ge saminggu ngomong bosen ngantor make Avanza, kamari geus ganti sedan anyar, merkna Brio warna bodas nyacas. " Enya, maneh mah berkah Cel, ngan keur pamajikan maneh mah jigan musibah " Sakapeung, si Oma sok kaliwatan ari ngomong teh. Enya ukur heureuy, tapi pan matak nyentug kanda hate. Ongkoh ari jodo mah anging kuma gusti.Teu bisa diembung-embung, teu bisa dihayang-hayang. Ngan, teuing dodoja teuing ukur akon-akon.

Geus aya sabulan mah, pamajikan teh asa beda. Balik gawe kerep telat, ngomongna loba lemburan. Pernah sakali balik subuh, alesanna tugas kaluar kota. Tidinya kuring mimiti curiga, boa-boa...pamajikan teh...Tapi gancang disinglar, inget ceuk omongan Ustadz Endang, hirup tong gancang suudzon. Enya, tong suudzon, nuturkeun hate leutik ari can aya bukti kumaha-kumahana.

Ngan hate,.. Ngan kuring anu anu ngarasa, Komo kasebut hate leutik, unggal usik hayang naluktik, nepikeun pernah maling-maling, waktu pamajikan keur sare tibra, kuring nyoba muka hapena, ngan teu kabuka da hapena dikonci make kode pribadi. Enya, kuring sieun jiga nu kaalaman si Eman, pamajikanana katohian salingkuhna pan tina fesbukan ? Komo deui peuting ieu, kuring guling gulisik, sanggeus pamajikan wakca aya tugas kaluar kota, balik pagetona, da kudu nginep jeung batur-baturna. "

Akang tong kamana-mana, emam mah meser weh ka warung, arosna ke disiapkeun di luhur tivi " Bari kitu manehna ngageledak dina kasur, langsung sare. Waktu ku kuring di tangkeup, manehna ngomong " Tong, kang. Carape " Kitu teh bari malik nonggongan, ngaringkuk jiga hurang dipanggang.

Kuring ukur neureuy ciduh, panon ngalayang kana palapon, aya cakcak sapasang keur silih elodan. Asli harita kuring teu sare sapeutingan. Ngan waktu pamajikan hudang, kuring pura- pura kasarean. Meletet waktu manehna dandan, gura-giru kaluar, ku kuring dituturkeun bari susulumputan. Sora mobil kadenge hurung, kuring gancang ka dapur, rerencepan ngadorong motor.

Katempo mobil geus jalan, kuring ge terus nguntil ini rada jauhan. Kira-kira duapuluh menitan, mobil teh asup ka Restoran megah, pakaranganna lega. Kuring mimiti teu genah hate, pamajikan ngomongna ka kantor heula, karek indit jeung baturna kaluar kota. Teu lila pamajikan kaluar, leumpang nyampeurkeun mobil lain, nu harita dina mobil eta ge aya lalaki parlente kaluar, bari sura-seuri ka pamajikan. Naha ujug-ujug teh patangkeup-tangkeup.

Seak awak panas kacida! Gancang kuring turun tina motor, dituntun, diparkirkeun dinu iuh. Moal antaparah kuring hayang neunggeulan lalaki eta, anu purunyus nangkeupan pamajikan batur ! Tapi pas ngalieuk, mobil lalaki eta geus aya di panto gerbang mengkol kajalan, katempo pamajikan jiga nu keur cacarakatan di jok panumpang ! Kuring gancang lumpat ka tempat motor, rek di udag nepi kamana nepina ge.

Hate asa rajet, jiga hate Rama waktu nyaho Dewi Sinta ditalikung Rahwana. Motor langsung distater, tapi teu hirup. Dicobaan deui, tetep teu hirup, mobil nu mawa pamajikan katempo nyemprung, sakilat geus lebeng teu katempo haseup-haseupna acan.

You Might Also Like

0 komentar